Artikel Sunda: Tradisi Sisingaan

 TRADISI SISINGAAN

sejarah:
 Awal ayana kasenian sisingaan nu aya di Kabupaten Subang asalna tina ritual masyarakat anu bade nyundatan putrana kucara dihibur pangheulana anu diarak keliling kampung ngango korsi anu di hias. Gerakanna anu masi ngagunakeun gerakan baku atawa anu di sebatna gerakan saayana.
Kuaya perubahan waktu sareng zaman. Pergeseran fungsi sareng kreatifitas masyarakat jampana seer perubahan tina bentuk patung singa bongsang nyaeta patung singa anu di jieun tina karangka bambu anu di bungkus karung goni sareung sampeanna anu di jieun tina awi randu jeung buukna anu di jieun tina  tutup botol minuman dingusung ku opat orang pengusung.
Kasenian sisingaan awalna tina kagiatan masyarakat Kabupaten Subang tina kaarifan sapopoe jeung didukung ku masyarakatna,berkbang janten seni hiburan.Korsi nu dihias kanggo objek property perubahan sareng tina seni fungsi,stuktur pertunjukan dugi kana kostum anu dianggo ditinggal tina segi fungsi kasenian sisingaan awalna sebagai kasenian anu berkembang dimasyarakat. Anu di anggo kanggo sajian hiburan area panggung,sedangkeun tina masa ayeuna kesenian sisingaan lain hungkul kanggo hiburan hajatan khitanan hungkul tapi oge sok diangge tina acara besar atawa khusus.
   Perubahan kasenian sisingaan iyeu nu ngajadikeun identitas produk budaya masyarakat Kabupaten Subang,sakaligus ngajadikeun icon daerah Kabupaten Subang.

•Tujuan:
tradisi sisingaan nu aya disubang mangrupakeun simbol perjuangan rakyat subang nyangharepan penjajah jeung kanggo memeriahkan acara acara anu khusus.
     Sisingaan oge mangrupakeun simbol perlawanan rakyat subang nyangharepan penjajah khususna belanda jeung inggris,anu dina kakuasaan kerajaan inggris.Singa oge ngalambangkeun kategasan,kakuatan jeung kagarangan tina nyangharepan penjajah.
Sisingaan oge ditampilkeun jang ngamemeriahkan acara anu sapertos khitanan jeung upacara resmi.
Sisingaan teh mangrupakeun kasenian anu asalna ti subang,jawa barat.Kasenian iyeu oge anu sok disebut gotong singa atawa odong odong,anu di jieun tina bambu jeung kaen warna warni.

•pelaksanaan:
 ti ngawitan magelaran sisingaan nu kahiji nyaeta aya kagiatan bubuka nyaeta ku nyanggakeun igelan sareng gerakan khusus kangge bubuka sareng numpakeun budak sunat nu janten sarat kangge acara pagelaran. 
anu kadua, nyanggakeun hiburan sareng rengkak ibing sisingaan anu disanggakeun kangge umum dugi ka tuntasna
kangge penutupan, pagelaran sisingaan ditutup ku atraksi sisingaan anu di sanggakeun ku sadayana personil. Dina atarkasi eta, sadaya personil nyanggakeun sagala atraksi khusus nu tos disiapkeun ti awal pagelaran. Dina atraksi eta, aya sbabaraha hiji jenis atraksi nu dipintonkeun nyaeta anu sok disebat melak cau, gugunungan, kakapalan sareng sajabana. Salian ti eta, dina mintonkeun atraksi personil kedah nyanggakeun bodor/lawak kangge ngehibur sadaya penonton. 

•alat-alat:
alat musik anu di angge dina pagelaran sisingaan nyaeta diantawis na kendang, saron, Bonang, panerus, Peking, tarompet, palintung, kecrek, jenglong, jeung goong. 
alat inti anu di tabeuh nyaeta sisingaan, salian ti sisingaan aya oge mamanukan sareng nanagaan.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Latihan 6 Input Data dari User dalam Bahasa Python